Nalika Allah nyiptakeun jagat raya, harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satakaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara. Lajeng Allah ngandika, "Sing caang," bray bae caang.